Kata ucapan Idul Fitri Bahasa Sunda menyentuh hati.

Kata-kata Idul Fitri 2022 Bahasa Sunda © 2022 berbagai sumber

foto: freepik.com

16. "Wening galih nu dipamrih, jembar manah nu diteda. Boh bilih runtuyan kalbu gugus kagusur, ranggeuyan manah dadas kababad. Rumaos seueur saur anu teu kaukur, ucapan anu pasalia, tingkah paripolah nu teu merenah. Mugi tong janten tunggul sirungan, catang supaan, bobot sapanon carang sapakan."

17. "Upami cahaya tos hibar, gumiwang fajar sinangling dina sabar. Sasasih ngadalian nafsu akbar, tos dugi ka wanci rajaning bagja. Hapunten samudayaning kalepatan."

18. "Ngeunteung na raga katineung, nyaliksik diri ngarampa dada bari reureuh milang dosa, breh bulan pangharepan geus lekasan poe fitri nembongan. Wilujeng boboran siam 1443 H, neda sihapunten."

19. "Bilih aya tutur saur nu teu kaukur, reka basa nu matak nyugak kana manah, laku lampah nu teu merenah, neda sih hapunten tina samudaya kalepatan lahir sinareng batin. Wilujeng boboran Siam 1443 H."

20. "Sadaya jalmi tiasa ngiring lebaran, tapi teu sadaya jalmi tiasa ngiring Idul Fitri, mugi urang kalebet jalmi nu tiasa ngiring Idul Fitri, wilujeng boboran Siam 1443 H. Hapunten samudaya kalepatan."

21. "Niti wanci nu mustari ninggang mangsa nu utama, nyucikeun panyakit ati, balik diri kanu suci hapunten samudaya kalepatan lahir sinareng batin. Wilujeng boboran Siam 1443 H."

22. "Waktos panangan teu tiasa sasalaman, Sampean teu tiasa melangkah, Mung manah anu tiasa ngaharewos, Nyuhunken dihampura ti samudaya kalepatan, Wilujeng boboran Siam 1 Syawal 1443 Hijriyah."

23. "Laligarna tarate dina talaga hate. nyambuangna seungit malati nu ligar dina taman ati janten ciciren lubarna kalepatan antawis urang. Wilujeng boboran shiam 1443 H. Taqqobalallahu minna wa minkum."

24. "Kaluluputan kalelepatan simkuring saparakanca, wilujeng boboran siam nyuciken diri ka Illahi, hampura diri ka gusti nu maha suci, mugia dina ieu fitri, sungkem diri ngajadikeun jalmi nu fitri, wilujeng boboran Boboran Siam 1443 H."

25. "Nyucruk laku sunnah Rasul, mapay lacak agama Islam, gema takbir nu agung dipungkas ku tali silaturahim neda pangampura kasadayana wilujeng boboran Siam 1443 H."

26. "Batin nu usik nyaliksik diri, bilih kasabit kaciwit ati, karumpak ungkara basa, kadudut kalindu qalbu,mugia rido galih jembar pangampura tina samudayaning kalepatan. wilujeng boboran shiam 1443 H. Hapunten samudaya kalepatan."

27. "Bilih kantos kasisit kana ati, kapancah kalengkap ucap, kajenggut kababuk catur, tawakufna nu kasuhuhn. Hapunten sadaya kalepatan. Wilujeng boboran Siam".

28. "Sugri kelepatan diri, dina wanci numustari lan fitri ieu panyuhun hapunten anu ka seja. Wilujeng Boboran Awwalul Syawwal 1443 H."

29. "Caang bulan opat belas beresih jalan sasapuan teu aya gantar kakaitan. Sawangsulna, abdi sakulawarga oge neda dihapunten tina samudaya kalepatan. Wilujeng boboran Siam 1443 H. Taqabbalallhu mina waminkum."

30. "Salira mah teu aya kaawonan. Abdi anggurmah anu seueur lepat ka saliran. Mugia wening galih jembar pangampura. Hapunten lahir tumekaning batin. Wilujeng boboran Siam 1443 H."