Brilio.net - Setelah melaksanakan ibadah puasa selama satu bulan penuh, kini sebentar lagi umat Islam akan merayakan hari penuh kemenangan. Hari Raya Idul Fitri menjadi hari yang dinanti-nanti oleh seluruh umat Islam di penjuru dunia.

Untuk menyambut hari penuh kemenangan tersebut, setiap umat Islam tentunya sudah mempersiapkan. Lebaran identik dengan membagikan ucapan maaf kepada keluarga, saudara, teman, hingga orang-orang terdekat.

Tentunya saat mengucapkan Hari Raya Idul Fitri terkadang seseorang merasa bingung memilih kata-kata yang sesuai. Nah, supaya lebaranmu semakin berwarna, kamu dapat mengucapkan selamat Idul Fitri 1443 Hijriyah dalam bahasa sunda yang singkat dan dapat mempererat silahturahmi.

Berikut dirangkum brilio.net dari berbagai sumber, inilah kata-kata Idul Fitri 2022 Bahasa Sunda, Kamis (28/4).

 

 

 

Kata-kata Idul Fitri Bahasa Sunda penuh makna.

Kata-kata Idul Fitri 2022 Bahasa Sunda © 2022 berbagai sumber

foto: freepik.com

1. "Wilujeng Idul Fitri 1443 H, sim kuring neda dihapunten kana samudaya kalepatan, boh bilih aya cariosan anu matak ngarahetkeun kana manah."

2. "Wening galih nu dipamrih, jembar manah nu dipilampah. Wilujeng boboran Siam 1443 H, kalayan neda pangapunten tina samudayaning kalepatan."

3. "Wilujeng boboran Siam 1443 H. Minal aidin wal faizin. Mugi barokah Ramadhan nuyun lakuning lampah urang dina enggoning nyorang sawelas sasih anu bakal karandapan."

4. "Bilih aya langkung saur bahé carék kaciwit kulit kabawa daging, tunggul dirurud catang dirumpak, nyungkelit ati teu genah manah, mundut pangampura. Wilujeng boboran Siam 1443 H."

5. "Neda agung cukup lumur, neda jembar pangampura. Nyanggaken boboran siam minal aidzin wal faidzin sihapunten lahir tumekaning batin."

6. "Nyucikeun panyakit ati, ngikhlaskeun manah tugenah. Wilujeng Lebaran 1443 H. Hapunten binarung ikhlas, ngalubarkeun ku ikhlasna."

7. "Hapunten lahir tumekaning batin. Wilujeng boboran siam 2022/1443 H."

8. "Tayya basa nu bisa direka, taya saur nu bisa jadi panjajap catur, lintang ti kedalna ucapan 'Wilujeng boboran Siam 1443 H' neda dihapunten lahir tumekanin batin."

9. "Ngeunteung na raga katineung, nyaliksik diri ngarampa dada bari reureuh milang dosa, breh bula pangharepan geus lekasa poe fitri nembongan. Neda dihapunten."

10. "Sugrining runtah kalepatan dina manah, nyeri peurihna ati sanubari, mugia lubar ku silahturahi. Wilujeng boboran Siam 1443 H. Taqobalallahu minaa waminkum."

11. "Wilujeng boboran Siam 1443 H. Minal aidzin wal faizin. Mugi barokah Ramadhan nuyun lakuning lampah urang dina enggoning nyorang sawelas sasih anu bakal karandapan."

12. "Bersih galih nu dipamrih jembar mana nu diseja mugi agung cukup lumur neda kana samudaya kalepatan lahir tumakaning batin, wilujeng boboran Siam 1443 H."

13. "Taqabalallahu Minna Wa Minkum. Wilujeng Idul Fitri 1443 H, sim kuring neda dihapunten kana samudaya kalepatan, boh bilih aya cariosan anu matak ngarahetkeun kana manah, da sadayana oge mung saukur heureuy, manusa mah teu tiasa lumpat tina kalepatan jeung kakhilafan."

14. "Bilih kantos kasisit ati, kapancah kalengkah ucap, kajenggut kababuk catur, tawakufna nu kasuhun. Hapunten sadaya kalepatan. Wilujeng boboran siam 1443 H. Taqqobalallahu Minaa Wa Minkum."

15. "Upami Manah Saindah Cahaya Bulan, enggal hiasan ku bentang kaimanan, Upami Manah saputih awan. Wilujeng boboran Siam 1443."

Kata ucapan Idul Fitri Bahasa Sunda menyentuh hati.

Kata-kata Idul Fitri 2022 Bahasa Sunda © 2022 berbagai sumber

foto: freepik.com

16. "Wening galih nu dipamrih, jembar manah nu diteda. Boh bilih runtuyan kalbu gugus kagusur, ranggeuyan manah dadas kababad. Rumaos seueur saur anu teu kaukur, ucapan anu pasalia, tingkah paripolah nu teu merenah. Mugi tong janten tunggul sirungan, catang supaan, bobot sapanon carang sapakan."

17. "Upami cahaya tos hibar, gumiwang fajar sinangling dina sabar. Sasasih ngadalian nafsu akbar, tos dugi ka wanci rajaning bagja. Hapunten samudayaning kalepatan."

18. "Ngeunteung na raga katineung, nyaliksik diri ngarampa dada bari reureuh milang dosa, breh bulan pangharepan geus lekasan poe fitri nembongan. Wilujeng boboran siam 1443 H, neda sihapunten."

19. "Bilih aya tutur saur nu teu kaukur, reka basa nu matak nyugak kana manah, laku lampah nu teu merenah, neda sih hapunten tina samudaya kalepatan lahir sinareng batin. Wilujeng boboran Siam 1443 H."

20. "Sadaya jalmi tiasa ngiring lebaran, tapi teu sadaya jalmi tiasa ngiring Idul Fitri, mugi urang kalebet jalmi nu tiasa ngiring Idul Fitri, wilujeng boboran Siam 1443 H. Hapunten samudaya kalepatan."

21. "Niti wanci nu mustari ninggang mangsa nu utama, nyucikeun panyakit ati, balik diri kanu suci hapunten samudaya kalepatan lahir sinareng batin. Wilujeng boboran Siam 1443 H."

22. "Waktos panangan teu tiasa sasalaman, Sampean teu tiasa melangkah, Mung manah anu tiasa ngaharewos, Nyuhunken dihampura ti samudaya kalepatan, Wilujeng boboran Siam 1 Syawal 1443 Hijriyah."

23. "Laligarna tarate dina talaga hate. nyambuangna seungit malati nu ligar dina taman ati janten ciciren lubarna kalepatan antawis urang. Wilujeng boboran shiam 1443 H. Taqqobalallahu minna wa minkum."

24. "Kaluluputan kalelepatan simkuring saparakanca, wilujeng boboran siam nyuciken diri ka Illahi, hampura diri ka gusti nu maha suci, mugia dina ieu fitri, sungkem diri ngajadikeun jalmi nu fitri, wilujeng boboran Boboran Siam 1443 H."

25. "Nyucruk laku sunnah Rasul, mapay lacak agama Islam, gema takbir nu agung dipungkas ku tali silaturahim neda pangampura kasadayana wilujeng boboran Siam 1443 H."

26. "Batin nu usik nyaliksik diri, bilih kasabit kaciwit ati, karumpak ungkara basa, kadudut kalindu qalbu,mugia rido galih jembar pangampura tina samudayaning kalepatan. wilujeng boboran shiam 1443 H. Hapunten samudaya kalepatan."

27. "Bilih kantos kasisit kana ati, kapancah kalengkap ucap, kajenggut kababuk catur, tawakufna nu kasuhuhn. Hapunten sadaya kalepatan. Wilujeng boboran Siam".

28. "Sugri kelepatan diri, dina wanci numustari lan fitri ieu panyuhun hapunten anu ka seja. Wilujeng Boboran Awwalul Syawwal 1443 H."

29. "Caang bulan opat belas beresih jalan sasapuan teu aya gantar kakaitan. Sawangsulna, abdi sakulawarga oge neda dihapunten tina samudaya kalepatan. Wilujeng boboran Siam 1443 H. Taqabbalallhu mina waminkum."

30. "Salira mah teu aya kaawonan. Abdi anggurmah anu seueur lepat ka saliran. Mugia wening galih jembar pangampura. Hapunten lahir tumekaning batin. Wilujeng boboran Siam 1443 H."