Berikut adalah contoh pupujian dalam bahasa Sunda, di antaranya :

1. Muji Jeung Sholawat ka Nabi

Nabi urang sarerea

Kanjeng Nabi anu mulya

Muhammad jenengannana

Arab kures nya bangsana

Ramana Sayid Abdullol

Ibuna Siti Aminah

Dibabarkeub di Mekah

Wengi senen tauh gajah

Medal Nabi akhir jaman

Pisan-pisan ka anehan

Sesembahan bangsa setan

Kabeh pada raruksakan

Ari bilangan taunna

Lima ratus cariosna

Tujuh puluh panambahna

Sareng sahiji punjulna.

 

2. Djat Anu Kuat

Ya djat anu lewih kuat

Nu gagah nu perkasa

Mugia gusti ngajaga

Ti jalma anu dolim dosa

He Allah anu Maha Mulia

Ka anjeun abdi sadaya

Ibadah sakuat daya

Sareng nyuhunkeun pang raksa

Ya Allah anu ngamankeun

Ka abdi tina kasieun

Mugi gusti nyalametkeun

Ka abdi tinu kasiksa

Gusti Allah anu Maha Suci

Abdi seja pasrah diri

Mugi anjeun kersa nampi

Amal jeung ibadah abdi.

 

3. Babawaan Ka Jero Kubur

Anu ngucur ka alam kubur tilu dina hadis rosul

Hiji sodakoh jariah ikhlas kerna Allah

Dua gaduh elmu manfaat sarta dialap manfaat

Tilu gaduh putra anu soleh ngadoakeun te weleh-weleh

Allah huma soli ala sayidina Muhammad

Yarobi soli alaihi wasalim.

 

4. Kautamaan Solat

Eling-eling ka jalma nu sok sarolat

Geuwat-geuwat masing gancang ka masigit

Supaya menang darajat berjamaah

Berjamaah anu tujuh likur tea

Arapalkeun ku sadaya umat islam

Arapalkeun ku sadayana umat islam

Ari solat gagancangan

Geus solat tara wiridan

Tara sunat-sunat acan

Nu kitu ajaran setan.

 

5. Tobat Ka Gusti

Ila hilas tulil firdaus si ahlaa

Walaa akwaa alannaril jahiimii

Fahabli taubataw wagfir dunubi

Fainnaka gofilunnaril jahiimii

Duh pangeran abdi sanes ahli surga

Lamun teu kiat ka naraka teu ka duga

Lain tobat abdi teh hampura dosa

Da gusti nu sok ngahampura dosa-dosa.

 

6. Kauping Suara Adzan

Kakuping suara adzan

Di masjid ti katebihan

Singhoreng teh ngawartosan

Ngajak solat babarengan

Ulah sok solat di imah

Salagi aya masjid mah

Pribumi atawa semah

Hayu urang berjamaah.

 

7. Eling-eling Umat

Eling-eling umat

Muslimin muslimat

Hayu urang berjamaah shalat maghrib

Estu kawajiban

Urang keur hirup di dunya

Kanggo pibeukeuleun

Urang jaga di akherat

Dua puluh tujuh

Ganjaran nu berjamaah

Lamun sorangan

Hiji ge mun bener fatihah.

 

8. Abi Milari Pangarti

Abi milari pangarti

Supaya bisa ngabakti

Ka Allah pangeran abdi

Nu ngadame diri abdi

Sim abdi hoyong manfaat

Pikeun kasasama umat

Najan di dunia akherat

Jadi jalma nusalamet

Amal nyantel kana elmu

Amal sepi tina elmu

Ganjaran moal pinemu

Balukarna Kengeng bendu.

 

9. Do'a Nabi Adam

Robbana ya robbana

Dolamna angfusana

Wa illam tagfirlana

Watarhamna lanakunnana minal khosirin

Duh gusti pangeran abdi

Abdi dolim kana diri

Pami gusti teu ngahapunteun

Tangtos abdi

Janteun jalmi anu rugi

 

Penulis: mg/Feni Listiyani